Naon sababna kekecapan dina iklan radio nepi ka sok jadi kacapangan?
B. Daerah
ronaldystar
Pertanyaan
Naon sababna kekecapan dina iklan radio nepi ka sok jadi kacapangan?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kacapangan nyaeta kekecapan anu dina jamanna sok sering dicapkeun ku masarakat. Dina nyieun hiji iklan, tangtu nu nyieun eta iklan teh ngarencanakeun bener-bener kecap atawa kalimah anu dipake dina eta iklan. Kusabab eta kekecapan nu aya dina iklan teh alus jeung loba pirsawan anu kataji, sering eta kekecapan teh jadi bahan piomongeun masarakat dina kahirupan sapopoe, atawa eta kekecapan nu aya dina iklan teh jadi kacapangan.
Salian ti eta kekecapan nu dina iklan radio teh alus sabab nyieunna eta iklan teh direncanakeun bener-bener, biasana iklan nu aya dina radio teh sok sering diulang-ulang. Kuayana iklan radio nu diulang-ulang tur kekecapan nu aya dina iklan radio teh menarik, ngakibatkeun eta iklan teh jadi kacapangan.