B. Daerah

Pertanyaan

Tema, tokoh, latar, alur, amanat dan jenis dongeng cerita sangkuriang dalam bahasa sunda

1 Jawaban

  • Tema, tokoh, latar, alur, amanat dongeng nyaeta unsur unsur intrinsik nu aya dina dongeng. Sedengkeun jenis dongeng nyaeta saperti fabel, parabel, mite, sasakala jeung babad. Dongeng kaasup kana karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasup kana prosa buhun.

    Pembahasan

    Conto prosa buhun lianna, salian ti dongeng, nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Ciri nu utama tina dongeng nyaeta aya bagean bagean di caritana nu henteu asup kana akal atawa pamohalan.  

    Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu dijentrekeun unsur tema, tokoh, latar, alur, amanat jeung jenis dongeng Carita Sangkuriang:

    1. Tema carita nyaeta ngeunaan kahirupan jalma nyaeta kasalahpahaman antara saurang indung jeung anakna.
    2. Tokoh jeung Penokohan nyaeta Dayang Sumbi (saorang putri raja anu geulis tur bageur hatena jeung deui boga saurang budak nu ngaranna Sangkuriang), Sangkuriang (anak ti Dayang Sumbi anu miboga watek heuras jeung mikabogoh ka indungna nyaeta Dayang Sumbi), Tumang (anj*ng kasayangan istana anu mangrupakan titisan dewa jeung oge anu sabenerna mah mangrupakeun bapa ti Sangkuriang), Makhluk makhluk ghaib (makhluk anu ngabantuan Sangkuriang dina usahana rek nyumponan pamenta Dayang Sumbi), Pasukan (pasukan karajaan anu diparentahkeun ku Dayang Sumbi kanggo ngagelar kain sutra beureum anu nandakeun poe geus isuk isuk).
    3. Latar. Latar tempat: Daerah Sunda (Jawa Barat), Latar Waktu: Jaman Baheula saacan aya Gunung Tangkuban Parahu    
    4. Alur carita nyaeta alur maju
    5. Amanat carita nyaeta yen jadi jalma teh kudu taat kana aturan atawa norma norma anu aya, ulah sok nurut kana napsu wae.  
    6. Jenis dongeng Carita Sangkuriang kaasup kana dongeng sasakala atawa legenda

    Pelajari lebih lanjut

    • Unsur pamohalan dina dongeng brainly.co.id/tugas/10884544
    • Pengertian dongeng dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/9760216
    • Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Dongeng

    Bab : 5

    Kode : 10.13.5

    #JadiRankingSatu

Pertanyaan Lainnya