B. Daerah

Pertanyaan

larapkeun kekecapan di handap ieu kana kalimah 1.lampu, 2.radio, 3.elektronik, 4.komputer, 5.ngetik, 6.batu batre, 7.nelepon, 8.telegram, 9.vcd, 10.lalajo film

1 Jawaban

  • Nu perlu diperhatikeun dina ngalarapkeun kekecapan kana kalimah nyaeta aya kekecapan nu ngan bisa dilarapkkeun dina ragam basa hormat / lemes wungkul, atawa dina ragam basa loma wungkul atawa boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Kekecapan nu aya di luhur bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat boh dina ragam basa loma, iwal kekecapan "lalajo film" nu ngan bisa dilarapkeun dina ragam basa loma wungkul.

    Pembahasan

    Ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain ditujukeun pikeun ngabeda beda jalma, tapi ditujukeun pikeun ngahormat ka kolot atawa ka anu saluhureun sarta ngajenan ka anu leuwih ngora atawa nu sapantar. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta conto ngalarapkeun kekecapan kana kalimah nu ngagunakeun kekecapan nu aya di luhur, dina ragam basa loma:    

    1. Lampu, Lampu nu di jero imah teh leuwih caang ti batan lampu nu di luar imah
    2. Radio, Kiwari mah ngadengekeun radio teh paling lamun keur indit inditan kana mobil  
    3. Elektronik, Harga barang elektronik mah beuki lila beuki murah
    4. Komputer, Kiwari mah nu make komputer teh geus di mana mana  
    5. Ngetik, Ayeuna mah geus langka nu ngetik make mesin ketik teh
    6. Batu batre, Mun meuli radio teh nu bisa make batu batre supaya bisa dipake ka mana mana
    7. Nelepon, Nelepon jaman ayeuna mah beuki murah sabab beuki loba sarana nu bisa dipake  
    8. Telegram, Jaman ayeuna mah geus jarang nu make telegram teh
    9. Vcd, Lamun ngarekam lagu atawa film teh bisa ngagunakeun vcd
    10. Lalajo film, Kuring mah sok resep mun diajak lalajo film ku lanceuk kuring teh

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : III

    Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

    Bab : 8

    Kode : 3.13.8

    Kata Kunci : Ngalarapkeun kekecapan kana kalimah

Pertanyaan Lainnya